Kamis, 03 Januari 2019

Sawer Panganten

Nyukcruk galur ti karuhun
Nutur lacak para wali

Nyambuang ka balarea
Titinggal ti nini aki

Ngawaris kabudayaan
Seni Sunda sawer asih

Neda Agung cukup lumur
Neda jembar pangaksami

Bilih aya kalepatan
Wireh ayeuna sim kuring

Nyawer anu pangantenan
Nyanggakeun mugi ditampi

Ku hidep muga diturut
Pepeling ngait ka ati

Pigeusaneun hidep mulya
Ngarandapan laku rabi

Ngamudina rumah tangga
Sangkan panggih tengtrem ati
Sangkan panggih tengtrem ati

Ka Euis puputon kalbu
Muga hidep tinastiti

Ngambah alam rumah tangga
Ka panutan sing gumati

Tuturkeun dunya aherat
Kitu kawajiban istri
Kitu kawajiban istri

Piwuruk Euis sakitu
Catet dina sanubari

Kantun ieu pamegetna
Aduh Asep deueuh teuing

Ieu piwulang tarima
Regepkeun ku sanubari

Asep mimiti diwuruk
Dangukeun ku dua cepil

Simpen di manah nu jembar
Ayeuna mah beda deui

Jaman hidep lalagasan
Teu aya anu meredih

Ti wangkid ieu kapayun
Asep kedah taki-taki

Nyubadanan kawajiban
Ngurus ngatur laki rabi

Anu kadada kaiga
Geusan Asep hirup mukti

Saur Rasulullah estu
Rejeki mah tetep muhit

Kawas arek hirup lana
Tapina kudu sabanding

Jeung ibadah nu tong pegat
Sing kawas ajal rek tepi

Apan nyawer teh sakitu
Mugia hidep anaking

Runtut raut sauyunan
Ka cai jadi saleuwi

Ka darat jadi salogak
Jauh balai parek rizki

Wur tawur jati rahayu
Rahayu manjing walagri

Dahup pikeun salawasna
Tinayungan Maha Suci

Ginanjar sapapaosna
Amin Ya Robbal Alamin

Run turun jati rahayu
Rahayu manjing walagri

Dicutat tina kaset:
Juru kawih: Elis Wizaksami
LS Cahaya Gemilang
Pimpinan: Ujang Mohdan
Bandung, 12 April 2007

Tidak ada komentar:

Posting Komentar