Rabu, 30 Januari 2019

Angin Peuting

Cing atuh..... kuring deukeutkeun
Jeung manehna tuh diditu

Sanajan ku raga paanggang
Batin mah hayang padeukeut

Tapi teuteup sasareungan
Tapi na kuharianeun

Bulan teh nyumputkeun deudeuh
Ninggalkeun kuring sorangan

Ku teungteuingeun ninggalkeun kuring sorangan
Naha tega teuing kuring teh da cuang-cieung

Dibaturan..... dibaturan....
Hiliwirna angin peuting

Reff
Cing atuh kuring tepungkeun
Jeung anjeunna nu miasih

Geus lami urang paanggang
Najan batin mah teu jauh

Ngan harapan tepung teuteup
Tapina ku teungteuingeun

Beut jauh tina teuteupan
Jauhna pan nyawa kuring

Naha tega teuing ninggalkeun kuring ku liwung
Duh..... aduh ampun kuring teu kiat nandangannana

Kuring keueung ngan sorangan
Dibaturan angin peuting



◄◄●════════◄►════════●►►

Angin Priangan

Seungit angin Priangan
Ngusapan embun-embunan duh embun-embunan
Hawar-hawar reureundahan ngahariring

Ayun ambing, ayun ambing
Seungit angin kahyangan
Sumerep na lelembutan duh na lelembutan
Hawar-hawar reureundahan ngahariring

Eling-eling mangka eling
Dengkleung dengdek 2 x sisi lamping
Anu dewek enya anu kuring
Tanah wasiat tanah duriat
Anu matak tibelat nya rarasaan

Dengkleung dengdek 2x sisi lamping
Anu dewek enya anu kuring
Tanah katresna jati sarakan
Anu tetep marengan nya lelembutan
***

Anggrek Japati

Anggrek japati na cangkring keur karembangan
Sisi wahangan barodas

Kareta api geus datang sinyal geus muka
Rek di stoplas Cibodas

Gupay, gupay anaking
Gupay, gupay digupaykeun ku manehna

Reumbay, reumbay anaking
Reumbayna nginjeum cipanon ti manehna



◄◄●════════◄►════════●►►

Angin Ti Peuting

Duh... angin ti peuting
Hiliwirna nu keur sepi jempling

Duh..... angin ti peuting
Ngahudangkeun hate kuring

Duh..... angin panggeuing
Ngahudangkeun keur dina impian

Duh..... angin talatah
Mawa beja tinu anggang

***
Hiliwirna angin peuting mawa bagja
Beja basa kuring nu keur dina impian

Harewosna angin peuting mawa bagja
Ngan hanjakal impian ukur ciptaan

Hiliwirna angin peuting mawa bagja
Beja basa kuring nu keur dina impian
***

Aya Gentosna

Urang tepang munggaran
Lebah pengkolan
Pareng amprok
Pada pada lalagasan

Tepung teuteup
Nunda rasa geter cinta
Nu ahirna
Papada tepung jeung bagja

Na kunaon ayeuna
Anjeun bet cidra
Pedah eta ayeuna
Aya gentosna

Najan urang
Hirup teu weleh sangsara
Tapi cinta ka salira
Teu aya duana...

Aya listrik dina bilik
Caangna ka pabrik kina
Panutan geus hayang balik
Pedah tos aya gentosna

Layung luhur mega
Endahna kabina - bina
Anu pundungna salira
Akang nu nyeri kacida

Na kunaon ayeuna
Anjeun bet cidra
Pedah eta ayeuna
Aya gentosna

Najan urang
Hirup teu weleh sangsara
Tapi cinta ka salira
Teu aya duana...

***
Aya listrik dina bilik
Caangna ka pabrik kina
Panutan geus hayang balik
Pedah tos aya gentosna

Layung luhur mega
Endahna kabina - bina
Anu pundungna salira
Akang nu nyeri kacida

***
Aya listrik dina bilik
Caangna ka pabrik kina
Panutan geus hayang balik
Pedah tos aya gentosna

Layung luhur mega
Endahna kabina - bina
Anu pundungna salira
Akang nu nyeri kacida

Aya listrik dina bilik
Caangna ka pabrik kina
Panutan geus hayang balik
Pedah tos aya gentosna
Layung luhur mega
***

Selasa, 29 Januari 2019

Balebat Tati Saleh

Balebat.. bieu ngaliwat
Sakolebat kebat liwat

Najan ukur sajorelat
Sidikna kedat ngolebat

Balebat ti belah wetan
Ngawates poek jeung caang

Mawa sinar pangharepan
Nu datang dicaang siang
***

Bandung Lembang

Bandung lembang puser kaendahan
Diriung ku gunung-gunung
Gunung sasakala sunda
Sunda jaya nu baheula

Pangjujugan
Paniisan 
Pangbeubeurah nu keur susah 

Panyinglar suk kawa manah
Musnah ku hawana gunung
***

Bulan Langlayangan Peuting


Bulan teh langlayangan peuting Enung
Nu di tatar di pulut ku tali gaib
Entong salempang mun kuring miang
Ti tatar ti tatar Sunda
Di pulut nya balik deui kadieu
Ieung... masing percaya

Bedil geus di peloran
Granat geus di sorendang
Ieu kuring arek miang
Jeung pasukan Siliwangi
Ka Jogja Hijrah taat parentah
***

Balebat


Bandung heurin ku tangtung...
Bagja teumeun timeuteuneun dina wanci..
Anu asri... nu rumuntang geus kasawang

Meureun rek nyungsi pasini
Pasini anu bihari
Anu kungsi teupung-lawung

Teupung-lawung anu munggaran
Pateupung teuteup jeung asih
Kiwari mangsana datang
Anu lawas kapiati...


Bray geura beurang
Bray geura caang
Bat pek ngolebat
Balebat kebat ngaliwat... 2x

Kahayang teh pajar geura bray beurang
Pek balebat pek ngolebat kebat liwat
Mawa beja jeung carita
emh… duh pajar geura bray beurang

Reff 1
Tah geuning hayang
Tah eunggeus ngudag
Duh meuni raong
Gumawang eta kasawang

Tah geuning hayang
Duh eunggeus ngudag
Duh meuni raong
Gumawang eta kasawang

Na iraha pateupang jeung buah ati
Ti baheula henteu peugat henteu pisah
Pisah soteh ukur raga
emh… duh.. aya waraas teuing

Reff 2
Bray geura beurang
Bray geura caang
Bat pek ngolebat
Balebat keubat ngaliwat... 2x

Kahayang teh pajar geura bray beurang
Pek balebat pek ngolebat kebat liwat
Mawa beja jeung carita
emh… duh.. pajar geura bray beurang

Reff 3
Tah geuning hayang
Tuh meuni raong
Duh eunggeus beurang
Gumawang eta kasawang

Tah geuning hayang
Duh meuni raong
Duh enggeus beurang
Gumawang eta kasawang

Na iraha pateupang jeung buah ati
Ti baheula henteu peugat henteu pisah
Pisah soteh ukur raga
emh… duh.. aya waraas teuing
***

Bimbang


Rasa bimbang... rasa melang..
Diangkleng... angkleng honcewang

Nanya diri... ngambang ati
Rek nyieun hiji putusan paberat-berat timbangan

Naha bimbang... naha melang
Kainggis ejeung mamanis silih anteng patembongan

Naha bimbang... naha melang...
Ditalikung liwung gandrung
Ngalanglayung mager tangtung
Bimbang... melang... nineng... kembang

Mun Gusti Nu Maha Agung
Pasihan pituduh jalan
Abdi panceug kayakinan
Teu bimbang nampi cobaan
***

Bulan Sapasi


Bulan sapasi siga nyaksi diri abdi
Pias pias sagala paningal katambias ge panginten

Angin asih nu bihari teu deui ngelusan diri
Di gentos ku angin bajra matak sedih jeung nalangsa

Harepan kiwari ukur harepan
Da bentang di langit masih baranang

Harepan mugi sing jadi putusan
Da Engkang masih osok neang datang

Aduh... aduh matak paur lamun diri katalanjur

Senin, 28 Januari 2019

Cikapundung


Cikapundung 3x walungan di Kota Bandung
Kota kembang kota midang kota pangbangbrang ka bingung

Aduh Ema aduh ema aduh Bapa abdi mah Alim di candung
Kajeun dahar karo uyah abdimah da moal pundung

Kerak lain japati belang jangjangna
Nalak ge lain lamun mindeng dianjangan

Mun Bapa Atos teu suka
Tong nyiksa anak mitoha

Kajeun abdi ngusap birit
Batan daek ngudar gelung

Lamun Bapa aya maksad bade nyandung
Abdimah kajeun padungdung
Abdi narah.. abdi narah abdi mah alim dicandung
***

Cinta

Cinta lir ibarat kalangkang
Deukeut anggang bisa diatur ku urang
Cinta bisa ilang jeung nembongan
Repok jodo akhirna datang sorangan

(aduh aduh cinta) (aduh aduh cinta)
Cinta manjangkeun carita
(aduh aduh cinta) (aduh aduh cinta)
Cinta panjang lalakona

***
Cinta lir ibarat nu geulis
Geura endah ti mawu sewu mamanis
Cinta perlu jalan anu lueus
Solo goto tapakan di anggang putus

(aduh aduh cinta) (aduh aduh cinta)
Cinta penuh pengorbanan
(aduh aduh cinta) (aduh aduh cinta)
Cinta penuh kasadaran

***
Cinta datangna teu kaharti
Gandrung ewuh mikangen ngungkapin ati
Cinta matak anteung beurang peuting
Ngadak-ngadak dunya asa nu sorangan

(aduh aduh cinta) (aduh aduh cinta)
Cinta mangkat mega endah
(aduh aduh cinta) (aduh aduh cinta)
Cinta tembang kanyaan

Minggu, 27 Januari 2019

Dikantun Tugas


Calik dina bangbarung
Anteng ngahurun barung
Nyawang anu ngalangkung
Sedih manah na nguyung

Emut ka sang panutan
ngantun mang bulan bulan
Lami henteu nyeratan
Wartos di medan perang

Nanging nu geulis sabar
Sarta manah na sabar
Pasrah ikhlas tur rela
Jujur sarta satia

Nyanggem lebet manahna
Aduh Engkang iraha
Tepang sakulawarga
Mulih ti medan laga

Abdi nu ngantos ngantos
Mugi pasihan wartos
Nanging Abdi teu ngartos
Engkang alat sajati

Najan urang patebih
Langgeng tetep miasih
Batin tetep pacaket
Sareng nu dipimeumeut

***

Kamis, 24 Januari 2019

Girimis Kasorenakeun

Girimis kasorenakeun
Ngeunteungan sewu katineung
Katumbiri layung langit
Awor jeung cipanon ngembeng 2x

Ngalangkang galeuh lamunan
Ngaliwung kalbu nu liwung
Naon deui nu rek didagoan
Duh.. kabeh geus mungkas adegan
Geus tamat lalakon leungiteun udagan
Mungkas mangsa pikeun muja jeung dipuja

Rabu, 23 Januari 2019

Hariring Bandung


Pencipta : ujang suwarna
Lagam : Degung-Kawih

Hariring hariring bandung
Haleuang haleuang bandung

Ngagalindeng sora degung
Mirig lagu degung panggung

Aduh bandung puserna parahiangan
Bandung tempat kabudayaan

Kota kawarti
Pinuh kawarti wawangi

Bangsa lian oge mandang
Bandung nelah kota kembang nu kiwari

Bandung nu ngandung sajarah
Danyeuh anu katelah

Hariring rupi ka eling
Haleang rupi ka melang

Ka para nonoman sunda
Kade lali budayana
***

Hiji catetan

Pencipta : Gugum gumbira Tirasonjaya
Lagam : Kawih, Gamelan, Ketuk Tilu
Laras : salendro

Geus lawas carita urang
Anu munggaran nitipkeun asih kamelang
Teu laas sanajan mangsa nyelangan
Kedalna lisan satia rek babarengan
Harepan ngayun
Rek mitresna laksana nyandingkeun bulan
Mekarna kembang endah pangharepan
Ngotret ingetan mukakeun hiji catetan
Tapi kiwari ngan kuring anu ngajuri
cuangIcieung ngan sorangan
Honcewang hate laleuwang
Nu miasih dipeupeurih
Nu mitineung ditinggalkeun
Teu sangka bet jalir jangji
Kuharianeun
Najan bulan caang bentang baranang ngiceupan
Tapi hate samagaha geuneuk rumeuk teu cahyaan
***

Sabtu, 19 Januari 2019

Lembur Kakasih


Tuh, pengkolan anu bras ka jalan gede nu mawa guligah hate
Tuh, cirina tangkal anu ngarandakah nu linduh tempat bumetah

Tuh, lemburna kahalang sawah jeung pasir nu mawa seredet geter
Tuh, walungan nu bersih herang caina sawening rasa cintana

Didinya gelarna cinta munggaran
Didinya harepan mekar kembangan
Endah panineungan teu Kasilih pedah pisah
Tumapel teu ilang-ilang Nembongan satiap waktu

Duriat mancang
Kakangen manteng
Lembur teh lembur kakasih Pangancikan pangbalikan
Welas hate wening bersih
***

Selasa, 15 Januari 2019

Haleuang Mapag Nu Lawas

Pencipta : Amas Thamaswara
Lagam : Kawih
Laras : Pelog Degung

Didagoan duh ku haleuang
Rek dipapag ku wirahma kendang
Ku lagu nu nyusun carita kalbu
Nupayus tur luyu duh keur nu rek cunduk

Hawar-hawar sora panggero
Ngahiap-hiap ngabaeu-baeu
Yeuh medan sora medan katineung
Nu lebet rumpaka duh keur panineungan

Jentrengna kacapi nu ku anjeun sok pasini
Ligar sora rebab nu ku anjeun sok subaya
Ngagelikna suling nu kungsi nyanding hariring
Kiwari geus nganti iraha rek datang deui

Lagu ieu sora ieu
Disungkemkeun ka manehna
Muga sing jadi pangjajap
Pangjurung laku pangajak hate
***

Senin, 14 Januari 2019

Ngalungan Bunga

Geura bral geura angkat
Geura miang geura miang masing teneng

tekad hate

Pek miang ku hate anu beresih


geura bral geura angkat




Dicutat tina kaset:
Upacara Adat Panganten Sunda
Juru kawih: Elis Wizaksami
LS Cahaya Gemilang
Pimpinan: Ujang Mohdan
Bandung, 12 April 200

Sabtu, 12 Januari 2019

Sabda Pujangga

Geus jadi kacapangan
Ti baheula nepi ka ayeuna

Anggitan para bujangga
Ngaran tempat nu ngandung siloka

Tumut ujaring karuhun
Surahaneun nu ayeuna

Saksina nu pandeuri
Pasti bakalna kasorang

Bandung heurin ku tangtung
Sumedang ngarangrangan

Garut jadi pangirutan
Cianjur katalanjuran

◄◄●════════◄►════════●►►



Sagagang Kembang Ros


Sagagang kembang ros
Tawis pangbakti ka diri
Sulur weleh ti jungjunan
Ieuh asih nu wening

Runtuyan harewos
Jangji pasini katampi
Moal weleh mikaheman
Ieuh asih nu wening

Sarining kembang Jatining asih
Jadi angkeuhan duh urang duaan
Ngaca pangharepan Panteng kayakinan
Na dasaring ati urang duaan
***

Serat Salira


Serat salira wengi tadi tos katampi
Kantenan jungjunan kantenan mungguh ewuhna
Disangki serat katresnan sabudeureun cinta urang
Geuningan lepat dugaan mundut mundur pipisahan

Serat salira dina jajaran kalima
Unggelna teu wasa mun kedah midua hate
Teu sapuk sareng aturan sok sieun teu kabadanan
Cangcaya moal laksana mendak bagja sasarengan

Teu nanaon jungjunan teu nanaon
Mun kitu kapalay salira
Lelembutan ngajerit nungkupan diri
Teungteuingeun tegateh kamalinaan

Nu munggaran urang tepung luhur panggung
Setragana nu nyacas kiwari anteng ngahelas
Imut imut nu kamari tetep surti nu kamari
Ayeuna duka kumaha pajar urang pileuleuyan
***

Jumat, 11 Januari 2019

Tebih Lemah Kalangitna

Tebih lemah kalangitna
Anggang bulan jeung bentangna
Asa pamohalan pisan
Sim kuring bisa nghaiji

Abdimah jalmi tunggara
Tuna harta sepi harti
Ukur ngabogaan cinta
Ngan boga cinta

Ari hayang siga batur
Ngan hanjakal teu kaukur
Kabungah jeung kabagjaan
Kuringmah ukur harepan

Kabita ku anu lian
Bisa kedal ucap cinta
Sakapeung kuring ngalaman
Tapi ngan dina lamunan
***

Tokecang

Tokecang tokecang bala gendir tosblong
Angeun kacang sapependil kosong

Aya listrik di masigit meuni caang katingalna
Aya istri jangkung alit karangan dina pipina

Tokecang tokecang bala gendir tosblong
Angeun kacang angeun kacang sapependil kosong

Tisaprak


Tisaprak ngawitan tepang
hate jadi hariwang
inggis anjeun teu surti
da abdi mah nganti-nganti

Harepan tinggal lamunan
anteb dina impian
anjeun panutan ati
pasini mikait asih

Kumaha atuh kumaha
teu wasa abdi balaka
sok inggis di pulang basa
tunggara salalawasna

Harepan tinggal lamunan
anteb dina impian
anjeun panutan ati
pasini mikait asih
***

Kamis, 03 Januari 2019

Mayang 1

Jagong tuhur meunang ngunun haturan
bagea.... sumping....

Belut sisit saba darat, Kapiraray
siang..... wengi

Simpay reuma...
Beulit cingkir moal lali kapasini.....

Dicutat tina kaset:
Upacara Adat Panganten Sunda
Juru kawih: Elis Wizaksami
LS Cahaya Gemilang
Pimpinan: Ujang Mohdan
Bandung, 12 April 200

Mayang 2

Mapag ku haleuang, nampi ku hariring
Wilujeung patepang, pasti tampa tanding

Mugia rahayu, tebih ti balahi
Anggang panca bahya, salamet ngahiji

Deug heula ngarandeug
Carana heula...

Dicutat tina kaset:
Upacara Adat Panganten Sunda
Juru kawih: Elis Wizaksami
LS Cahaya Gemilang
Pimpinan: Ujang Mohdan
Bandung, 12 April 200

Seren Tampi A

Salam jeung kawilujengan
Ka sadaya kadang wargi

Seuja nguningakeun maksad
Anu sami pada sumping

Keur tawis janji pasini
Nu kiwari baris bukti

Nedunan saur kapungkur
Mayar carita baheula

Seuja masrahkeun pun anak
Nya lahirna, nya batinna

Raga badag katut nyawa
Mo ngagaduh-gaduh deui

Wa 'alaikum Salam...
Babtosna putra ditampi

Sami-sami tambih suka
Mangga urang.....

Sami ngapingna
Ngolah rumah-tanggana
Malar mulus repeh rapih 2x

Haturan... kasep haturan...
Haturan wilujeung sumping bagea

Sumangga leunggah bae teuing...
... duh.. anaking.....

Taya nu dianti-anti
Salira nu hidep saestu

Tutut gunung keong reuma
Sumangga geura gek calik 2x

Dicutat tina kaset:
Upacara Adat Panganten Sunda
Juru kawih: Elis Wizaksami
LS Cahaya Gemilang
Pimpinan: Ujang Mohdan
Bandung, 12 April 200

Seren Tampi C

Ka sadaya anu sami sumping
Hatur sewu nuhun
Tos nohonan sugrining papancen

Anu mawi diangkir lalinggih
Sumeuja wawarti
Muga jadi ngaprung

Yen pun anak nitih kana wanci
Kahayangna cumpon
Cunduk waktu, mangsa papanganten
Jatuk rami seujana rarabi
Neda panyakseni Ayeuna ngadahup

Dicutat tina kaset:
Upacara Adat Panganten Sunda
Juru kawih: Elis Wizaksami
LS Cahaya Gemilang
Pimpinan: Ujang Mohdan
Bandung, 12 April 200

Sawer Panganten

Nyukcruk galur ti karuhun
Nutur lacak para wali

Nyambuang ka balarea
Titinggal ti nini aki

Ngawaris kabudayaan
Seni Sunda sawer asih

Neda Agung cukup lumur
Neda jembar pangaksami

Bilih aya kalepatan
Wireh ayeuna sim kuring

Nyawer anu pangantenan
Nyanggakeun mugi ditampi

Ku hidep muga diturut
Pepeling ngait ka ati

Pigeusaneun hidep mulya
Ngarandapan laku rabi

Ngamudina rumah tangga
Sangkan panggih tengtrem ati
Sangkan panggih tengtrem ati

Ka Euis puputon kalbu
Muga hidep tinastiti

Ngambah alam rumah tangga
Ka panutan sing gumati

Tuturkeun dunya aherat
Kitu kawajiban istri
Kitu kawajiban istri

Piwuruk Euis sakitu
Catet dina sanubari

Kantun ieu pamegetna
Aduh Asep deueuh teuing

Ieu piwulang tarima
Regepkeun ku sanubari

Asep mimiti diwuruk
Dangukeun ku dua cepil

Simpen di manah nu jembar
Ayeuna mah beda deui

Jaman hidep lalagasan
Teu aya anu meredih

Ti wangkid ieu kapayun
Asep kedah taki-taki

Nyubadanan kawajiban
Ngurus ngatur laki rabi

Anu kadada kaiga
Geusan Asep hirup mukti

Saur Rasulullah estu
Rejeki mah tetep muhit

Kawas arek hirup lana
Tapina kudu sabanding

Jeung ibadah nu tong pegat
Sing kawas ajal rek tepi

Apan nyawer teh sakitu
Mugia hidep anaking

Runtut raut sauyunan
Ka cai jadi saleuwi

Ka darat jadi salogak
Jauh balai parek rizki

Wur tawur jati rahayu
Rahayu manjing walagri

Dahup pikeun salawasna
Tinayungan Maha Suci

Ginanjar sapapaosna
Amin Ya Robbal Alamin

Run turun jati rahayu
Rahayu manjing walagri

Dicutat tina kaset:
Juru kawih: Elis Wizaksami
LS Cahaya Gemilang
Pimpinan: Ujang Mohdan
Bandung, 12 April 2007